Selasa, 27 Juli 2010

Anaking Jimat Awaking

neng neleng nengkung
geura gede geura jangkung

geura sakola ka bandung
geura nyenangkeun ka indung

anaking jimat awaking
mun seug hoyong bulan,
Abah bade nyandak kanggo cocoan anaking jimat awaking
mun seug hoyong bentang,
bentang bade diajulan dipulungan
kanggo hiasan dina buuk anaking jimat awaking

anaking jimat awaking
kadeudeuh abah, kadeudeuh lahir sinareng batin
iyeu sadaya kanggo hidep
kanggo bekel mangsa keur ageung
jung geura lumpat ngudag baranang bentang dilangit
capkeun jampe harupat, geura gede geura lumpat
taklukeun dunia akherat,
jadikeun sagara jeung langit jadi kaulinan
tong hariwang, tong keueung
do'a abah sareng umi ka hyang Nu Agung
kanggo anaking jimat awaking

mun seug jembar, anaking jimat awaking
kudu luhur budi, laer manah, handap asor kasasama
manfaat ka nagari,
merjuangkeun agama,
bela kadulur sorangan.

"kangge jimat awaking jaganing geto"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar